Friday, November 6, 2020
Demi Sunda Mulya Nusantara Jaya |
Sabada meunang pangrojong ti Wakil Ketua MPR Fadel Muhammad jeung Anggota DPD RI Jawa Barat Dra. Ir. Hj. Eni Sumarni, M.Kes., nu ngahajakeun rawuh ka Sekretariat Kongres Sunda di Perpustakaan Ajip Rosidi Jalan Garut No.2 Kota Bandung sawatara waktu nu kaliwat (12/10/2020), laju diliput ku media massa, soara para inohong Sunda nu aya karep rek ngaganti ngaran Provinsi Jawa Barat ku Provinsi Sunda jadi leuwih harus batan goong, beuki ngumbul ka luhur ngapung ka manggung marapat ka awang-awang matak seah batan gangseng, ear sajajagat, jadi isu nasional.
Anu pro jeung kontra ge beuki maweuh boh ti kalangan pangagung, kaum akademisi, atawa masarakat biasa, kaasup sabagean masarakat Cirebon anu ngancam rek misahkeun maneh lamun Provinsi Sunda/ Tatar Sunda laksana ngajadi. Cek para inohong hal ieu geus asup ka wewengkon pulitik. Bejana hal ieu ge geus nepi ka Presiden Jokowi jeung SBY.
Dina hal ieu Pupuhu Rukun Wargi Sumedang (RWS), Dr. Iwa Kuswaeri, mairan, ”Pro–kontra mah biasa, jalan teras weh ulah sieun, da niat kasaean mah tangtos loba pangrobeda, tah panggrobeda ieu hayu sasarengan urang robih janten pangropea”, pokna tandes.
Pihak panata calagara (panitia) Kongres Sunda ge terus beuki ngagedurkeun deui sumangetna, ku jalan ngayakeun komunikasi jeung sosialisasi ka tiap kabupaten/kota nu aya di Jawa Barat, saperti ka Bekasi (baheula Sundapura), Cirebon (baheulana Cirebon Larang bawahan Pajajaran, diadegkeun ku Pangeran Cakrabuana/Walangsungsang
Indra Perwira, Kongres Sunda teu perlu Dasar Hukum |
Putra Pamanahrasa (Prabu Siliwangi) anu nikah ka Subangrarang (Putra Ki Gedeng Tapa) santri Pasantren Quro – Karawang, sarta wewengkon pantura lianna bari terus ngayakeun Sawala Daerah minangka bagean tina tahapan pra kongres kayaning ka Sumedang (Sunda Mandiri Pangan), Bogor (Kota Pusaka), Tasik, Ciamis, Garut, Purwakarta, jsb.
Harita ge (28/10/2020) di Sektertariat Kongres Sunda Jalan Garut, panitia ngayakeun Gempungan anu dihadiran ku para Pakar kayaning Dr. Indra Perwira, Dr. Gunawan Undang, Memet Hamdan, Muhammad Ridho Easy, Adjie Esa Putra, Dr. Iwa Kuswaeri, Wali Syaiun (Cirebon), Yusyus Kuswandana, Memed Ahmad Hakim S.H., Maman Wangsaatmadja, Avi Taufik Hidayat, Andri Kantaprawira, Dina Ahmad, Teh Rita, Wawan Trah Kunci Iman, jrd, sarta Dr. Andri Abdurrohman (alumni FMIPA Unpad) jeung Drs.Toni Setiadi (alumni IKIP/UPI) anu ngawanohkeun Qur’an Galuh jeung Qur’an Cirebon anu aheng.
Anu narik ketak Indra Perwira, ieu Pakar Hukum Tata Negara Unpad teh langsung mairan kasauran salah saurang anggota DPR RI sawatara waktu kaliwat di media massa nu nanyakeun dasar hukum Kongres Sunda.
“Na ari baheula Panitia 9 nyieun Piagam Jakarta atanapi Kongres Pamuda Sunda taun 56 aya dasar hukumna teu? Teu aya! Can aya gerakan politik gaduh dasar hukum. Revolusi ge, pemberontakan, lamun tinekanan kakara jadi dasar hukum, tapi lamun eleh mah jadi penghianat. Janten sanggem abdi mah ulah terlalu naïf lah," pokna daria pisan.
Sabalika Indra ge nanyakeun naon mangpaatna lamun jadi Provinsi Sunda? Kudu dibedah mangpaatna cenah ge, saha nu bakal narima mangpaatna. Nu narima mangpaatna teh lain ngan saukur entitas Sunda tapi kum keur masarakat Jabar rek bangsa/etnis naon oge, hal kitu anu logis mah cenah ge, sabab cek Indra, lamun ditilik tina sababaraha kajadian pembentukan (ngadegna) ngaran provinsi alesanna teu logis tapi leuwih kana sentimen, psikologis. “Jadi ti awal keneh urang kudu geus ngitung-ngitung, nu ditatawarkeun ku urang teh patarohan logis anu bakal loba mangpaatna keur karaharjaan, kinerja, jsb.
Ajen naon anu rek dibangun jeung ditawarkeun ku urang keur anak-incu anu hirup dina zamanna (millennium). Eta nu leuwih penting.
Gunawan Undang, pembentukan Provinsi Sunda geus politis |
Kadua sual agenda 1-2 (Ngarumuskeun Adeg-adeg jeung Tangtungan Sunda), Ngaguar Sunda Sarakan jeung Nagara (pasualan-pasualan nu aya di nagara utamana di Jawa Barat jeung pasualan penting lianna), hal ieu urang tatawarkeun keur generasi ngora. Contona cek Indra, kamari inyana milu ngadegkeun “Bumi Alumni” anu ngawadahan 16 rebu UMKM alumni sa- Jawa Barat, para alumni Unpad nyieun market place sorangan. Tah hal ieu cek Indra mangrupa kakuatan-kakuatan (ekonomi) oge pikeun urang Sunda, “Janten pami urang ngaguar Provinsi Pasundan kedah tiasa ngajelaskan ka aranjeunna yen umpamana UMKM teh hade pikeun ngaronjatkeun perekonomian para patani.
“Jadi hayu urang sasarengan ngemutan pertanggungjawaban naskah akademik ti ngawitan ngemutan mangpaatna, sareng abdi ge aya kahariwang pami ieu (ngaran Jawa Barat) teu dirobah bakal jadi bom waktu nu ngancam NKRI. Agenda kahiji mah muka dialog we sareng dulur-dulur di Cirebon, dialog kucara kultural etnis Sunda-Cirebon sareng Malayu Batawi kanggo nyinglar kasalahpahaman", cek Indra tandes. Bari peupeujeuh sangkan ngagunakeun cara-cara pulitik meh teu mopo di jalan.
Avi Taufik Hidayat (kenca) jeung Andri P Kantaprawira, Ngaran Prov. Sunda pangdorong sumanget ngamajukeun sarakan |
Gunawan Undang ge sapamadegan hal ieu geus asup kana wewengkon politik ngan omat cenah pami aya politisi anu teu satuju hadena ulah dikoncar (dijauhan) sumawonna dimomorekeun tapi kudu dirawu dipangku.
Kitu deui dina pamarekan (pendekatan) pulitik kewilayahan utamana jeung Cirebon ulah dijauhan tapi kudu diraeh. Ku kituna perlu aya jalma anu bisa ngayakeun pamarekan politik kasundaan.
Sagigireun eta Undang ge sarua natanyakeun mangpaat parobahan ngaran provinsi ieu, utamana keur anak-incu jaga. “Lamun rek malikeun deui idealisme yen Sunda teh baheulana ngawengku kapuloan Sunda Besar – Sunda Kecil, kuring sapuk (satuju), hal ieu ideologis pisan, pencitraan urang Sunda memang kudu digedurkeun deui. Baheula wewengkon Sunda kacida legana kiwari diriutkeun ukur jadi Jawa Barat, “ pokna.
Wali Syaiun (Cirebon), Jabar jadi Provinsi Sunda-Cirebon Daerah Istimewa |
Memet Hamdan ge sapuk lamun masalah ieu geus jadi domain politik, ku kituna kudu geuwat nyiapkeun kajian akademisna.
Aji Esa Poetra mah taya reureuhna dina unggal gempungan nandeskeun yen ide parobahan ngaran Provinsi Jawa Barat jadi Provinsi Sunda/Tatar Sunda prosesna rek politik atawa kabudayaan tapi dina pamustunganana mah pikeun kamanusaan. Buktina kaayaan Jabar ayeuna pamukim miskinna ti taun 90 teu robah 16 keneh, atikan tingkat SMA nepi ka kiwari ka 32 eleh ku Papua, Banten jeung Gorontalo, Paguron Luhur 27 eleh wowotan ku Aceh, Papua Barat jeung Banten, tingkat karaharjaan Jabar 10 besar ge teu asup tapi kriminalitas ka -5 panggorengna. “Jadi ide parubahan ngaran ieu gul ahirna mah kamanusaan, eta mah prosesna bade pulitik bade kebudayaan, gulna pikeun kemanusiaan”, pokna daria.
Ku kituna Yuyus Kuswandana ge satuju ku ayana Provinsi Sunda ngan Yuyus peupeujeuh kudu tapis jeung ati-ati dina ngagunakeun prosedurna. Utamana dina ngayakeun pamarekan ka DPR nu boga andil gede dina hal kawenangan konstitusi.
Qur'an Galuh jeung Qur'an Cirebon tea |
Bagalna, Yuyus miharep pihak pangagung jeung instansi anu aya patalina jeung hal ieu paham kana aspirasi atawa kahayang mayoritas masarakat Sunda. Eta cenah aya nu satuju jeung henteu, eta mah hal biasa dina demokrasi. Nu utama ajen palsapah jeung sajarah Sunda kudu diundakkeun deui ulah nepi ka ngaran Sunda kalindih.
“Aya Sunda Kalapa di Jakarta teu kasabit-sabit deui, kitu deui pulo Sunda Besar - Sunda Kecil. Padahal ayana NKRI ieu hasil tarekah urang Sunda, ku Juanda (Deklarasi Juanda) Nusanatara bisa ngahiji teh. Dinamika pasti aya ti kalangan pejabat politik di DPRD anu kudu dibere pamahaman ku urang yen aranjeunna dipilih ku masarakat Sunda jadi ulah nganggap disintegrasi kana masalah ieu. Sabalikna ajen Sunda mah justru bakal nohagaan pondasi NKRI “, kitu saurna, pasti.
Pakar lianna, Memed Ahmad Hakim nyebutkeun sual kasundaan sual Jabar teu kudu dipakaitkeun jeung nostalgia, romantisme, tapi kudu dihubungkeun jeung tangtangan sipil anu bakal kajadian di mangsa hareup, ku kituna Memed miharep para nonoman generasi ngora kudu guyub sauyunan dina ngarebut lemah sarakan.
Di pihak sejen, Wali Syaiun nu ngahaja datang ti Cirebon, ngawakilan pribadina, nyebutkeun yen karep baraya-baraya di tanah Sunda dina prinsipna ka hareupna satujuan jeung anu keur dirarancang ku sabagean masarakat Cirebon. Ayana kasatuan tradisi (Kasepuhan, Kanoman, Kacirebonan) bakal ditambah ku ngahijikeun entitas budaya. Lamun entitas budaya jeung tradisi Cirebon ngahiji bakal sajalan jeung paniatan dulur-dulur di Sunda. Jadi lamun saupamana Provinsi Jabar robah jadi Provinsi Sunda Cirebon bisa jadi Daerah Istimewa sakumaha halna Yogya di Jawa Tengah.
Jadi cek Syaiun pihakna aya dina konsep anu teu pro jeung kontra tapi miharep tujuan Kongres Sunda bakal sajalan jeung karep Cirebon. “Cirebon tetep bagean tina Jawa Barat keneh mung sipatna Istimewa“, kitu cek Pupuhu Keluarga Besar Pangeran Alas Kesultanan Cirebon terah Gebang-Cirebon Wetan.
Sarengsena kagiatan Pupuhu Panitia Kongres Sunda Avi Taufik Hidayat ngeceskeun ka wartawan, dina gempungan ieu berekah cenah para sunior mere sumanget jeung alat tangkapan kunaon Provinsi Sunda kudu ngadeg.
Hasil kacindekanana, alesan diadegkeunna Provinsi Sunda alesan kamanusaan anu nyoko kana kanyataan prestasi Jabar aya disahandapeun Provinsi Banten, Aceh jeung provinsi lianna anu geus robah ngaran.
Ku kituna cek Avi, kabuktian ku ayana parobahan ngaran teh jadi sumanget pikeun masarakat sangkan bisa ngamajukeun deui sarakanana.
“Insya Alloh sadaya bongbolongan ti para pakar baris diwadahan dina naskah ilmiah. Eta nu utami dina gempungan ayeuna,” pokna ka wartawan.
Avi ge malum kana ayana pro-kontra, sabab cenah anu ngarasa teu panuju mah kalolobaanana urang Jawa lain etnis Sunda. Ku kituna hadena mah usulan Provinsi Sunda teh direujeungkeun jeung pamekaran wilayah, sabab memang Jabar nu pamukimna 46 juta teh ngan ukur diwakilan ku 100 anggota DPR (DPRD) hal ieu cek Avi rugi da sakuduna mah ku 200 anggota DPR diwakilanana teh. “Ku kituna hadena mah Jabar dimekarkeun deui supados anggota DPR na nambihan," kitu cek Pupuhu Panata Calagara Kongres Sunda.
Hal Cirebon cek Andri Perkasa Kantaprawira, teu sakabeh urang Cirebon kontra (nolak/teu sapuk) kana ayana Provinsi Sunda/Tatar Sunda sabab di Kabupaten Cirebon loba urang Sunda. Andri sapamadegan jeung wali Syaiun (Syaiun terah Pagebangan ieu bis wae jadi Angota DPD RI 2004, jumlah soarana loba kacida), hadena Cirebon jadi Daerah Istimewa.
Lian ti kitu, ieu Panitia SC Kongres Sunda alumni Unpar ngabudalkeun kaprihatinanana kana kondisi Jabar ayeuna, utamana soal daya beuli dina mangsa maweuhna sasalad Covid-19.
“Jaring pengaman (bantuan) ti pamarentah kiwari mung ukur 4-5 kali henteu nutup rasiko hirup dina sataun, keur kitu teh datangna sok elat jeung beuki ngurangan. Jadi pamarentah daerah/provinsi kedah obyektip nilik kondisi sosial masarakat dina mangsa kiwari," Cek Andri daria.
Pamungkas, Dina Ahmad anu rajin hadir dina unggal gempungan, nyorot kana dunya atikan, ieu aktivis Kasundaan jeung panaratas Yayasan Chandrasangkala Sunda teh miharep mata pelajaran basa, sastra jeung aksara Sunda leuwih digedurkeun deui. Dinas ge ceuk Dina, hadena dibalikeun deui ngaranna kana Dinas Pendidikan dan Kebudayaan. Cag! (Asep GP)
Sual Provinsi Tatar Sunda Sual Kamanusaan
Posted by
Tatarjabar.com on Friday, November 6, 2020

Subscribe to:
Post Comments
(
Atom
)
Mun nyeueung kanu enggeus, sok rajeun seuri konéng. Biasana nu tipopolotot nolak téh, mun hasil sésélékét panghareupna. ,😀
ReplyDelete